Topeng Wasiat
Kacarita di lembur Dukuh Gembrong aya jajaka umur 20 taunan ngaranna Durja, dedegna hade rupa sampe, pangabisa loba : pinter volly, maenbal, jeung sok ngalatih silat. Ngan lain kulantaran eta manehna kakoncara teh tapi ku kalakuanana nu sok ngarasula jeung murukusunu bae, cawadan, jeun kurang narimakeun.
Mun meunang kasusah sok komo musibah mah, manehna bakal nyarita ka unggal jelema, tara pisan batur ningali atawa kabejakeun manehna meunang kabungah. Waktu Dukuh Gembrong eleh dina Final Volly ku Dukuh Reungit pajar teh ‘Kuduna mah urang teh juara I mun kuring teu keur nyareri awak mah’ . Waktu manehna dibere duit Rp. 5000 ku semah nu nanyakeun jalan, pajar teh lima rebu perak mah teu mahi roko sabungkus-bungkus acan bari jeung duit na geus beak dipake jajan.
Lantaran kalakuanana jeung bawaanana ngarasula jeung murukusunu bae, ceuk nu gede wadul mah : ‘ langit caang lenglang oge mun datang Si Durja mah sok ngadadak ceudeum’, tungtungna sa Dukuh Gembrong mere landihan ‘Muram’ ka Kang Durja , jadi katelahna ‘ Kang Muram Durja’.
Lila-lila Durja ngarasa aya nu salah dina dirina : babaturanana kabeh geus rarumah- tangga padahal loba nu sahandapeun manehna boh dina dedegan, kabisa, atawa harta, tapi naha manehna bebene oge teu boga. Tengah peuting Durja tepekur : ‘Duh Gusti, pasihan abdi pitunjuk jalan’.
Isuk-isuk rebun subuh manehna geus beberengkes mawa pakean, mawa beas sacukupna jeung duit saayana, tekadna geus buleud : ‘Deuk mondok, guguru ka Ki Harepan di Padepokan Dukuh Hurip !’.
Ki Harepan nu kakoncara ‘weruh sadurung winara’, surti kana kaayaan Durja, Durja di bere Topeng Wasiat. Mun Durja make topeng eta, rarayna cahayaan, panonna cahayaan, lambeyna imut bae matak resep saha bae nu ningali teu kolot teu budak.
Wasiat Ki Harepan : ‘ Manusa hirup di dunya teh ukur ngumbara, tugasna mung ibadah ka Gusti Allah, kudu akur jeung sasama, handap asor hade basa!’.
Tilu bulan lilana Durja mondok di Padepokan Dukuh Hurip. Bulan kahiji Durja asa kasiksa make topeng tea, isuk-isuk dipake, peuting dibuka. Bulan kadua mulai biasa malah mah peuting oge topeng teh tara dibuka. Bulan katilu topeng malah teu bisa dibuka tetela geus ngahiji sakulit sadaging jeung Durja.
Balik ka lemburna, Durja jadi robah pisan, ringkak paripolahna pikaresepeun, basana pikaresepeun, raray na pikaresepeun nu ningali. Kabeh wanoja lengoh pada hayang Durja jadi carogena, pon kitu deui kolot-kolotna pada hayang Durja jadi minantuna. Teu kolot teu budak kabeh raresepeun ka Durja. Durja ti lembur Dukuh Gembrong jadi pamuda idaman sarerea.
Teu kungsi sataun ti harita Durja meunang bagja ngajodo jeung kembang desa Dukuh Hurip anak samata wayang Kapala Desa. Lima taun rumah tangga Durja munggah haji jeung bojona. Sanggeus munggah Haji ngaranna ganti lain Durja tapi jadi H. Moh. Maman Idaman Ceria, sapopoena katelah ‘Kang Maman Ceria’.
Cag, dongeng ti Emang sakitu heula, mudah-mudahan tiasa patepang dangu deui !
Rancaekek, Ramadhan 1429H
Kopehan (Catatan):
- Dedeg hade rupa sampe = gagah dan tampan
- Ngarasula = mengeluh ; Murukusunu = cemberut/muka kusut
- Bebene,kabogoh = pacar/kekasih; kakoncara = terkenal ; tepekur = merenung
-Rebun Subuh, ibun = pagi hari saat cuaca masih berembun
-Weruh sadurung winara = mengerti sebelum terjadi ; surti=tahu/mengerti
-Handap asor = merendah diri / tidak sombong
-Sakulit sadaging = menyatu
-Bagja = kebahagiaan ( Bagja lir ibarat kagunturan madu kaurugan menyan bodas)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar